History

Tuesday, January 31, 2012

Basa Rusia Pikeun Urang Sunda (2)

Sanggeus hideup ninénan obrolan sakumaha nu ditétélakeun dina postingan nu kahiji, ayeuna urang bisa ngabogaan kecap basa Rusia saperti nu ditulis dihandap ieu:


izvinityé = punten
Vy = anjeung/hidep
ponimaété = ngarti (jang batur)
po-anglijski = basa Inggris
niyét = (hen)teu
Ya = kuring/kawula
nye = (hen)teu (digunakeun sangges subjek saacan prédikat dina kalimat négatif)
ponimayu = ngarti (jang urang)
nyemnogo = ngan (bosa) saeutik
amerikanyéts = urang Amérika
da = sumuhun/heueuh/nya

Kecap nu ditulis di luhur ngan saukur transliterasi jeung cara macana hungkul tina basa Rusia, sabab hurup aslina mah teu kitu. Di handap ieu hidep bisa kenalan jeung huruf asli Rusiana. 

izvinité = Извините
vy = Ds
ponimaété = понимаете
po-anglijski = по-английски
ya ne ponimayu = Z yt gjybvf.й 
da = дf      
niyét = нет
nemnoga = немного
po-russki = по-русски
Amerikanyéts = американец  


Beda jeung basa Sunda atawa basa nu ngabogaan huruf sorangan jiga Jepang atawa Arab, hurup dina basa Rusia ngabogaan hiji lambang keur hiji sora. Jadi, teu jauh beda jeung huruf-huruf latin ayeuna nu jumlahna 26 ti A nepi k Z. Bedana, Russia ngabogaan 33 huruf. Tah, ieu bakal dibahas dina postingan kahareupna. Di handap ieu ditulis deui obrolan tina hurup Rusia aslina. Cik, coba ku hidep.


Ujang               : Извините, Ds понимаете по-английски?
Vitrofa             : Нет. Z yt gjybvf.й по-английски
Ujang               : Z немного gjybvf.й по-русски.
Vitrofa             : Ds американец?
Ujang               : Дf. Z американец

Hiji catetan: Kalimah tanya dina basa Rusia beda jeung umumna pertanyaan nu make 5W+1H. Contona kalimat: 'Vy Amerikanyets'. Lamun lagamna turun ieu kalimah jadi kalimah berita; kalimah eta hartina "Maneh orang Amerika." Tapi lamun lagamna ka luhur, maka ieu kalimah jadi kalimah tanya; hartina: 'Maneh orang Amerika?"  Jadi, bedana aya dina lagam sora. Beda lagam, maka beda artina. Cag ah![Lingua/FA]   

No comments:

Post a Comment