History

Tuesday, January 17, 2012

Basa Rusia Pikeun Urang Sunda

Saéstuna basa Rusia jeung basa Jawa, kitu ogé jeung basa Inggris, téh ngabogaan tali-tumali nu deket. Kusabab, éta kabéh basa téh ngabogaan akar nu sarua, nyaeta asalana ti basa Sanskerta. Bédana, ari basa Rusia jeung basa Inggris mah katelahna aya dina lingkung famili basa Indo-Eropah, tapi ari basa Jawa (Kuna) mah kaasup kana golongan famili basa Indo-Aria nu mangrupakeun cabang ti famili Indo-Eropah. Patut diregepkeun yén basa Jawa Kuna nu ogé katelah ku ngaran basa Kawi, lain kaasup famili basa Melayu-Polinésa sakumaha nu ditétélakeun ku Wilhelm von Humboldt dina bukuna "Mengenai basa Kawi di Pulau Jawa), kusabab jelas yén basa Jawa mah lain basa Indonesia (nu asalna ti Melayu).

Cag ah! Dina kasempetan ieu, lingua rék mikeun matéri diajar bahasa Rusia husus pikeun urang Sunda. Matéri ieu dijieun transkripna tina Pimsleur Language Program nu mangrupa audio digawéan ku Simon jeung Schuster. Kacida ngabantuan pisan ieu transkrip téh kusabab, sakumaha nu dikanyaho ku balarea, yén Pimsleur mah teu nyadiakeun transkrip audio nu dijadikeun bahan pangajarannana.

Materi kahiji nyaéta Ngobrol. Saupamana aya urang Sunda nu ulin ka Rusia, bisa basa Inggris tapi pernah sakapeng diajar basa Rusia, tangtuna mun ngobrol jeung urang Rusia kudu nyaho apa manéhanana téh bisa basa Inggris atawa henteu. Dihandap ieu conto obrolan dina nyanghareupan kaayaan saperti éta.

Obrolan Kahiji

Ujang              : Izvinitye, vy ponimaete po-anglijski?
Vitrofa             : Niyet. Ya nye ponimayu po-anglijski
Ujang              : Ya nyemnogo ponimayu po-russki.
Vitrofa             : Vy amerikanyets?
Ujang              : Da. Ya amerikanyets

Hartina:

Ujang              : Punten, dupi anjeun nyarios basa Inggris?
Vitrofa             : Teu. Kuring mah teu bisa ngomong Inggris.
Ujang              : Sim abdi tiasa saeutik nyarios basa Rusia.
Vitrofa             : Dupi anjeun urang Amerika?
Ujang              : Sumuhun. Kuring urang Amerika (Sabari nahan seuri).

Mugia nu diajar teu nyonto Ujang Udin kudu ngabohong sagala, ngomong yén manéhna urang Amerika padahal mah Amerikana Amerika belah dieueun Garut.Tah ayeuna, kumaha cara macana? Kudu dipikanyaho ku balaréa yén ngomong paké basa Rusia mah teu siga ngomong Sunda, kusabab nu kahiji ngomong basa Rusia mah kudu gancang, sakumaha urang Rusia ngomong, jeung deuih sora 'r'-na kudu bener-bener béntés. Jadi wayahna, matéri ieu kudu terus dicapétangkeun méh létah teu pabeulit. Béda jeung Ujang Udin nu kabeneran ti Garut, jadi sora 'r'-na téh béntés pisan. Kieu macana:

Ujang              : Izvinicyeu, vui peunimaéceu panggeuliski(h)?
Vitrofa             : Niyét. Ya nyi peunimayu panggeuliski(h)
Ujang              : Ya nyimnoga peunimayu paruski(h).
Vitrofa             : Vui amérikanyéts?
Ujang              : Da. Ya amérikanyéts

Dina transliterasi katingal pisan yén basa Rusia ngabogaan kecap ogé cara ucap nu sarua jeung basa Sunda. Aya sora /é/, sora /e/ pepet, jeung sora /eu/. Malahan aya kecap 'nyi' jeung 'geulis' sagala. Ieu ngabuktikeun yén urang Sunda pantes jeung bisa pisan mikawasa basa Rusia. Satuluyna, hiji catetan, yén 'urang' nu ngacu ka warga salasahiji nagara dina basa Rusia, pasti ditungtungan ku kecap 'nyéts' siga dina kecap 'Amerikanyéts'. Ieu prinsip émang dipake dina basa Rusia. Tapi omat, 'nyets' di dieu lain singketan tina sasakala nu ngaran monyét, sabab mun enya kitu, kabéh warga nagara pasti bakal ngamuk ilatan hartina monyét Amerika. Ayeuna, cik ku anjeun diulang-ulang ieu materi sangkan lancar dina ngucapkeunana. Sukur-sukur bisa mangkat ka Rusia. Amin. [FN]       
   

1 comment:

  1. Agen Bola Online & Casino Online Terpercaya
    1 USER ID UNTUK SEMUA PERMAINAN !!!
    Casinobet77 Menyediakan Permainan Terbaru & Terbaik
    Livecasino | Bolaonline | Sabungayam | PokerDomino | SpadeGaming | SlotGame | Tangkas | BatuGoncang | Jdb168 SlotGame | NumberGame Lottery
    -----------------------------------------------------------------------
    - Bonus Deposit MEMBER BARU Sportbook 100%
    - Bonus Deposit 30% Khusus Permainan Sportbook
    - Bonus Deposit 10% Setiap Hari Untuk Semua Game
    - Bonus Deposit Setiap hari 5rb - 25rb
    - Bonus Casino Rollingan 0.8% Setiap Hari Senin
    - Bonus Rollingan Poker & domino 0,3%
    - Bonus Cashback Game & Tangkas 5%
    - Bonus Cashback Sportbook 5%
    - Bonus Cashback Sabungayam 5%
    - Bonus Referall 2% Semua Game
    - Bonus Referall 1% dari member Togel
    Contact Us Now :
    Livechat Casinobet77
    whatsapp : +85599495431
    PIN BBM : D6235F1C
    Wechat : casinobet77cs1
    Line : casinobet77
    skype : casinobet77
    Link pendaftaran :lc.chat/now/8523001/

    ReplyDelete